Senin, 15 Desember 2008

Bacang

Hiji mangsa dina bes aya tukang bacang nu nawaran barang daganganna

Tukang bacang :" Bacang-bacang.......bacang sarebuan-sarebuan, yo sarebuan dagingna ku hayam, dagiing na ku hayam..."
Nu Meuli :"Mang meuli hiji mang...."
Tukang Bacang :" Ngan hiji Kang?"
Nu Meuli :"Heeuh hiji...."

jadi we tah bacang di beli hiji ku panumpang bes teh. Tapi teu lila saenggeus tukang bacang ngaleos nu meuli teh ngageroan deui tukang bacang na,

Nu Meuli :" Ari sia dagang teh teu bener bel!!!"
Tukang Bacang :"Make jeung teu bener Kang?"
Nu meui :"Pan ceuk sia ieu bacang teh aya daging haym na, pan eweuh ieu teh??"
Tukang Bacang :"Pan saur abdi ge daging na ku hayam kang. jadi ewuh daging na teh da dicokot ku hayam
Nu meuli :"Gelo siah!"

Tidak ada komentar: