Aya santri pohara beletna. Nepi ka mindeng jadi pamoyoka sntri-santri liana. Mangtaun-taun masantrén, can ngalaman hatam Alqur’an sakali-kali acan. Boro-boro hatam Alqur’an, jampé surat ogé ngan baé bias maca surat fatihah jeung surat parondok. Puguh deui nalar kitab atawa nyarita ku basa Arab mah, tinggaleun pisan. Tapi, ari ngaliwetmah pangpinterna. Kabéjakeun kaanggo ku Ajengan sagala.
Loba babaturana nu geus boga pasantrén sorangan. Atuh santri-santri anyal jul-jol, ngaganti nu geus taramat. Ari manéhna teu menyat-menyat. Tungtungna ngarasa era sorangan. Éra ku sasama santri, éra ku Ajengan.
Tina geus kuat nahan kaéra, hiji poé manéhna nepungan Ajengan di bumina. Maksudna rék terus terang, niat balik ka lemburna. Barang teung pok nyarita, “Ajengan abdi seja amitan, bade mulang ka lembur,” cenah.
“Mulang téh mulang kumaha, apan lain waktuna peré?” tembal Ajengan.
“Mulang teras, moal wangsul deui ka pasantrén. Da bongan geuning, mangtaun-taun masantrén, tei aya pisan kamajengan.”
Ajengan henteu buru-buru ngidinan. Malah teras ngawurukan, sangkan ulah babri pegat harepan. Unggal jelema kamampuhna teu sarua, cenah. Aya nu gancang bias nangkep pangajaran, teu kurang-kurang nu butuh waktu rada lila, kakara manéhna ngarti.
“Ulah, manéh ulah mulang, mending balik deui ka pondok. Hég diajar leuwih rajin!” saurna deui.
Tapi manéhna keukeuh ménta diidinan mulang. Basana, ti batan miceunan waktu di pasantrén, mending sagawé-gawé di lembur. Diajar néangan pangupa jiwa.
Ku sabab niatna geus pageuh, ahirna Ajengan teu tiasa naon-naon.
“Rek iraha manéh mulang, apan ayeuna mah geus burit?”
“Badé énjing saatosna solat subuh,”cenah, teupoho menta didungakeun.
Isukna, rebun-rebun pisan manéhna ninggalkeun pasantrén. Ti pasantrén ka lemburna téh , lilana kira-kira sapoé. Sajaba ti éta kudu ngaliwatan leuweung, ngurilingan pasir, sarta turun ngaraas walungan. Tengah poé kakara meunang satengahna. Hartina satengah poé deui, kakara nepi ka lemburna.
Lantaran ngarasa cape, Ki santri eureun niat reureuh. Gék diuk handapeun tangkal kai. Kaayaan di sakurilingeuna kacida tiiseunana. Nu kadéngé téh ukur sora angin nebak tatangkalan, paselang jeung cluk-clak na cikaracak. Tapi, kusabab cape, guher manéhna saré tibra pisan.
Hudang-hudang beuteungna ngarasa lapar. Rét ka luhur, panonpoé mimiti déngdék ngulon. Kop kana bekel bawaana. Réngsé dahar tuluy beberesih, nginum sakalian wudu dina solokan leutik teu jauh ti tempat manéhna reureuh. Bérés wudu, terus solat lohor luhureun batu lémpar.
Tah, waktu manéhna solat, sora cai nyaclak kadéngé beuki jelas. Clak ….clak…..clak, cenah, siga menang ngatur. Méh baé solatna batal.
Tutas solat, panasaran haying nyaho asalna sora. Sabada ditéangan, bréh….katénjo, cai tina sela-sela batu, ngarayap mapay aakaran, méméh ragrag ninggang batu lémpar.
Ieu geunig asal datangna sora téh, gerentesna. Ngan édas mani siga meunag ngatur. Sora ragragna nglagu, sarta angger wirahmana. Persis siga sora tik-tek na jarum jam. Kalakuan cai nu ku manéhna terus diperhatikeun. Ti mimiti biji tina sela-sela batu, tuluy mapay aakaran, nepi ka tingkareclak ragrag kana batu téa.
Ana di teges-teges, geuning batu anu kakeclakan cai téh nepi ka legokna. Hég ku manéhna dipikiran, batu sakitu teuasna bias legok ukur karagragan cikaracak. Pasti lain waktu sakeudeung-sakeudeung. Bisa jadi mangpuluh-puluh taun.
Heueuh, ari lekeun jeung sabar mah, cai nu saukur sakeclak-sakeclak, bias ngalegokan batu nu sakitu teuasna. Naha ari aing…..,tungtungna inget kana kalakuan sorangan. Pédah diajar ngaji teu bias-bisa, gancang ngarasa éléh. Nepi ka milih balik ka lembur, tibatan diajar leuwih soson-soson.
Harita kénéh manéhna naggidik seja balik deui ka pasantrén. Dina jero haténa jangji rék leuwih rajin diajar. Cenah éta boga utek kacida beletna, rék nurutan laku cai. Teu bias sataun, dua taun. Dua taun teu bias kénéh matak naon tilu taun. Sugan ari lekeun jeung sabar mah laun-laun katekan.
Kajurung ku sumanget rék diajar leuwih getol, leumpangna satengah lumpat. Atuh méméh magrib téh geus datang deui ka pasantrén. Rasa éra duméh geus amitan balik deui, buru-buru disingkirkeun.
“Aéh, geuning ilaing?” Ajengan kaget nénjo santrina balik deui.
“Leres, abdi Ajengan,” cenah.
Memeh Ajengan naros papanjangan, leuwih tiheula manéhna ngadadarkeun lalkonna. Nyaéta manggihan cikarcak, ragrag nyakclak ninggang batu, nepi ka éta batu jadi legok.
“Piraku abdi, manusa, kudu eleh ku cai,” cenah ka Ajengan.
Ku sabab diajarna leuwih enya-enya. Sakitu taun ti harita, masantrénna teu burung tamat. Kabéjakeun éta santri belet téh nepi ka boga pasantrén gedé, sarta sohor ajengan luhung elmuna.
Kamis, 04 Desember 2008
DONGÉNG SANTRI BODO
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar